Minggu, 11 Desember 2011

Biantara

Assalamu’alaikum Wr. Wb
Bapak guru anu ku simkuring dipihormat
Sareng rerencangan anu nuju aya dina kabagjaan
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu tempat, shalawat miwah salam mugia tetep dicurahlimpahkeun ka junjunan urang sadayana ya’ni habibana wanabiyana  Muhammmad saw. Ka para kulawargina, ka para sahabatna, tabi’in tabi’atna,tur mugi dugika urang sadayana salaku umatna. Amin Ya Rabbal Alamin
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payunaneun rerencangan taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar  tema ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.
Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda teh kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjem.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung hade saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa-ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya kudu Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nonoman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak.
Hadirin nu dipihormat,
Sajabi ti eta, mikacinta Basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu aya dina batang tubuh UUD’45, utamana pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung ukur kanggo basa Sunda, nanging sakur  basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu dipiara jeung dimekarkeun. Nonoman anu mikareueus jeung ngagunakeun Basa Sunda ngandung harti eta nonoman teh tos kalebet kana warga Negara anu hade.
Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung pedah nyarita ku basa Sunda malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun. Tarekah kanggo ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi kagiatan anu nimbulkeun kareueus nonoman kana budaya Sunda, sapertos pasanggiri biantara, pasanggiri maca carpon, maca sajak, tembang, mamaos, Mojang Jajaka Parahyangan jeung sajabina.
Hadirin anu sami-sami linggih,
Eta mah ngan sakadar cita-cita simkuring. Da akhirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira. Cindekna mah urang kedah paheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa jeung ngariksa basa katut budaya Sunda.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat,
Mung sakitu anu kapihatur, hapunten tina sabudayaning kalepatan. Mudah-mudahan urang sadaya tiasa nyandak hikmah pikeun kenging rahmat mantena. Amin Ya Rabbal Alamin.
Akhirul kalam, Wassalamualaikum Wr Wb


Tidak ada komentar:

Posting Komentar